Demung Janggala
Bab I CITARUM
caah rosa, ngagulidag umpal-
umpalan. Atuh anu rék mareuntas
téh jadi kandeg. Dipaksakeun ogé,
ukur rék nyébakeun pati. Komo ku
ngaraas, tuda, dalah maké rakit
ogé hamo teupi ka pentas. Opatanana tingharintul di sisi cai,
dua lalaki, dua awéwé.
Bingung nya pilakueun.
Ari rék lahlahan nyorang caah, da
teu piuntupan.
Komo deui bari jeung mawa budak.
Ari haben cicing di dinya, sasat
balai geus nampeu deuih.
Tangtunana ogé perjurit musuh anu
ngabeledig téh keur maju ka
dieukeun.
Kari nunggu-nunggu waktu
picundukeunana. Geus pasti bakal kasusul, da jalan ngan éta-étana. "Rék maksakeun waé atuh, manéhna?" awéwé anu geus rada aya umur nanya ka salakina. "Asa teu sararanggup," ténbalna alon, bari neuteup beungeut cai anu sakitu motahna. "Enya, Ibi, cai sakieu gedéna mah tong boro dipeuntasan, kakara ku ngadéngé ngaguruhna ogé geus matak keueung," anu saurang deui mairan, budak awéwé geus manjing disebut parawan jekékan. "Geus waé urang dagoan orotna. Matak naon lamun meuting heula di dieu. Sugan waé anu ngabeberik urang teu nyahoeun jalan." "Geuraheun teuing, Endén. Ku
pangira Ibi mah, maranéhna téh
geus deukeut. Asa teu kacipta
kumaha piengkéeunana lamun urang
kabandang téh. Geuning saur
wartos ogé, sakitu barosongotna,
pikasieuneun. Komo musuh anu jolna
ti wétan mah,keur rurupaanana
matak sawan mojang téh,
nyaritana ogé beledag-beledug." "Alah, Ibi, lamun beunang mah paling-paling ogé urang téh dipaéhan." "Leuheung ku kitu, Endén. Untung
kénéh lamun urang ukur
diparabkeun kana gobang mah.
Ukur saharita nandangan
kanyerina. Tapi éta anu kacipta ku
Ibi mah, lamun urang jadi babandan
pikeun salawasna. Sanés ras ka diri
Ibi, tapi ka Endén utamina
mah.Mangkaning keur sesedengna
rumaja putri. Tada teuing itu
aratoheunana. Mangkaning
sanggem béja ogé sakitu
ngagalakrakna, teu ngalarung nu
burung, teu nyésakeun nu édan. Ari
sadirieun Ibi onaman, naon
araheunana. Tapi ieu
manglewangkeun téh ka anu
geulis ..."
"Meugeus montong myarita waĆ©!" salakina megat omongan bari satengah nyentak. "Enya, Si Ibi mah ukur ngalelewang wungkul," budak anu parawan némpas. "Lain kadua ngagedéan haté kami. Ari lebah kalewang dina nyanghareupan poé ìsuk mah, asa geus teu kudu dicaritakeun deui. Ku dipapantes dina wangwangan diri sorangan ogé asa geus cukup." "Naha Aceuk maké borangan? Lamun anu ngudag geus tepi ka dieu mah, matak naon lamun ku urang terus dilawan," omong budak anu lalaki. Lanceukna ukur nyéréngéh. "Tah enya, ku Radén atuh panglawankeun," ceuk Si Ibi, tamba henteu teuing engab. "Heug lah! Ti heula ogé, Si Armita tepi ka kokowowongan, basg ku Emung ditakol bincurangna. Tah, Mamang ogé apaleun." "Naha ku naon kitu, ku Emung maké ditakol bincurangna sagala?" "Bongan tuda, kuda keur diparaban, kalah hayoh digebah. Harita ogé Si Armita teu daékeun ngalawan, kalah ceurik ema-emaan," témbal adina semu agul. "Heueuh, da moal ngalawan atuh masing ku Emung dibeberik tepi ka imahna ogé. Engké deui mah tong kitu ah, karunya," omong lanceukna deui. Najan keur nyanghareupan kasusah, tapi maranénahna werat kénéh cacarita anu teu pati perlu. Meureunan itung-itung ngabeberah diri sorangan. Malah pikeun lanceukna mah jadi asa ngahudang panineungan, barang adina nyarita kitu téh. Bet ngadadak bruh-bréh kalangkang ti poé kamari ka ditu, jaman kaayaan tacan werit kawas ayeuna. Hirup téh teuing ku tingtrim "Aceuk, ari Si Armita axeuna di mana, nya?" "Teuing atuh. Kuduna Emung anu leuwih apal, pan jeung batur ulin sapopoé. Naha bet nanyakeun ka aceuk," témbal lanceukna. "Meureunan sami waé jeung urang ayeuna, Radén, keur asruk-asrukan nyingkahan picilakaeun." omong Si Ibi bari neuteup anak dununganana. "Karunya, mangkaning adina téh teu bisaeun leumpang-leumpang acan." "Naha ku naon kitu, Radén?" "Kapan kacugak harupat lebah keuneungna. Wah, Ibi, sukuna téh jadi bareuh sagedé pelok limus. Jaba deuih embé bogana Si Armita téh keur anakan. Meureun lamun ditinggalkeun téh moal aya anu maraban. Apan Si Armita anu sok ngaritna téh. Ti heula mah basa balik ngarit ti tegalan, Si Armita méré anak manuk titimplik ka Emung." "Éta manéh mani apal kana téték bengékna," omong lanceukna, ngarasa kayungyun ngdéngé caritaan adina kitu "Ih, kumaha wé atuh tuang rama. Apan sakitu towéksana ka somah téh. Da upami teu aya riributam mah, ku implengan Ibi, tuang rama baris jeneng dalem. Janten patih atuh, sakirang-kirangna. Hanjakal, naha atuh bet jadi aya riributan di nagara téh, dugi ka urang kapaksa kedah nyingkah ti dayeuh, bari jeung teu apal deuih, kumaha nasib tuang rama sareng tuang ibu kiwari," Si Ibi nyaritana bari semu cumalimba. "Meugeus, Ibi, tong nyaritakeun éta!" "Heueuh atuh. Bet barina ogé ku naon éta biwir téh ngan sakacuam-caém waé," ceuk salakina "Meugeus, hayu urang arindit deui!" "Indit téh indit ka mana, manéhna?" "Urang mapay-mapay sisi walungan ka girangkeun, sugan waé diparengkeun manggih babantar anu bisa dipentasan," témbalna. "Radén ulah palay digandong, nya?" "Bet piraku maké ménta digandong sagala, kapan Emung téh geus gedé. Geuning bieu ogé kadèngé ku Aceuk, geus wani ngalawan ka musuh. Piraku ngalawan musuh bari digandong!" "Enya, lah!" témbal adina. Anu ngalolos neruskeun lalampahanana, mipir-mipir gawir walungan. Sakapeung kudu pupuranténgan, da puguh taya jalan satapak-satapak acan. Jigana téh ku tukang lintar ogé biheung kungsi kasaba. Jalan anu rék ditincak téh kudu dijieun heula. Leuheung kénéh mun ukur kudu nilasan dahan kirinyuh atawa manjah mah. Narajang éta, lamun kudu ngaliwatan dapuran haur. Kapaksa kudu séselét, bari remen tikararait. Mangkaning harita téh geus ngahaeub ka burit. Si Mamang jeung pamajikanana nyangga pancén anu beurat. Anak dununganana --Listayuwangi jeung Surapamungkas-- Kudu disalametkeun tina pancabaya anu kiwari campuh di puser dayeuh Ukur. "Ari Mamang kungsi ngaliwat ka dieu?" Listayu nanya. "Acan, Endén, ka lebah dieuna pisan mah. Karék semet pamentasan anu bieu wé. Tapì ku rasa mah moal tepi ka kasarung, da," témbalna bari nyuay-nyuaykeun dangdaunan. "Iraha, Mamang, rék mentas téh?" "Engké, lamun geus manggih anu rada déét bari caina teu rosa teuing," lanceukna anu némbalan téh. "Ari Emung rék naon kitu? Lapar?" "Henteu," témbalna pondok. Saenyana ku Listayu geus kajudi, adina ngabohong. Sageuy teu hayang dahar, bet manéhna sorangan ogé mun ngarah di gugu mah geus kukurubukan. Apan kararaban sangu téh karék sakali, tadi isuk-isuk. Beuteung anu nagih eusi teu ieuh dirasa, atawa bisa waé jadi teu karasa. Boro-boro inget kana kéjo, bet mikiran pilakueun ogé geus nataku capéna. Jeung deuih naon anu rék didaharna, ari lain pupucukan mah. Kitu ogé moal piarieun narukanana. Tadi isuk-isuk indit téh sajungna pisan, teu aras-urus keur bekel di jalan, da teu kaburu. "Urang eureun waé, manéhna. Kami mah mani geus asa beurat sakalieun ngaléngkah ogé. Jaba ieu bitis mani geus bararéd kieu," omong Si Ibi. "Alah, naha mani épés méér pisan! Naha teu éra ku Dén Ayu?" ceuk salakina. "Ah, da kami ogé sarua geus capé. Ngan rék ngabijilan carita téh, bet kapiheulaan ku Si Ibi," Listayu gancang némpas. "Nya, ari kitu mah urang reureuh heula atuh. Hayu urang rada nonggoh, sugan manggih tempat anu rada lénang." Nyacat meureun. Bet kabeneran aya tempat anu rada négla. Jigana mah urut huma. Hanjakal saungna geus burakrakan. "Tah, di dieu yeuh rada merenah." "Moal nanaon mun ngadurukan, Mamang?" "Moal meureun. Gur waé atuh badé mirunan mah," témbalna. Teu kungsi lila, durukan geus hurung. Sakalian deuih bari ngaduruk iwung meunang nyokél tina dapuran awi gombong. "Beuleum iwung ogé ngenah ari keur euweuh deui dahareun mah, geura," ceuk Si Mamang bari ngagilir-gilir beubeuleumanana. "Ah, Mamang, najan enya ogé beuteung can dieusian deui dahareun, asa teu hararayang kami mah." "Wayahna kedah dieusian, Endén," "Enya, Dén Ayu, peupeuriheun urang téh balangsak eukeur cing atuh tong ngantep teuing salira," Si Ibi milu mairan. Listayu teu nyarita. Rét ka adina anu keur nagog gigireun Mamang Jalaprang. Ébréh pisan beungeutna, da kacaangan ku seuneu durukan. Karék sapoé ogé, budak téh geus katara kucelna, omongna dina jero haté. Karunya, budak-budak kudu geus nandangan katunggaraan. Listayu nataran lamunanana. Tacan aya kacindekan sama sakali, bakal kumaha pamustungan tina ieu lalampahan téh. Ngan anu geus kasawang mah, teu béda ti ngulur-ngulur waktu saméméh cundukna balai. Bréh deui lalakon tadi isuk-isuk, saméméh manéhna papisah jeung indung bapana. Taya pisan waktu rinéh pikeun cacarita, da ririweuhan datangna teu méré heula tanggara. Nyaho-nyaho manéhna geus dibetot ku Mamang Jalaprang, durugdug dibawa lumpat ka jalan tukang. Satengah dikekenyang malah! "Ieu papancén ti tuang rama," omong Si Mamang sanggeus rada jauh ti imahna. "Rék ka mana urang téh, Mamang?" "Urang ngalolos ka luar dayeuh. Hayu ulah léléda!" Opatan kukurubutan, ngajauhan padaleman. Tapi bubuhan bareng jeung awéwé, jaba deuih bari ngagbndong budak, ahirna mah maranéhna teu burung kasusul ku anu ngaberikna. Untungna téh ngan duaan. Cacak lamun anu ngudagna lobaan, maranéhna tangtu kacerek
harita kénéh. Ku Listayu kasaksén pisan, kumaha tohtohanana Mamang Jalaprang. Da geus taya waktu pikeun terus ngejat, ahirna musuh anu duaan téh kapaksa disanghareupan. Jigana waé duanana ogé lain perjurit petingan. Buktina, ku Mamang Jalaprang ngan sageprakan pisan. Hanjakalna téh anu saurang deui bisaeun kénéh kabur, najan taktakna geus gudawang. Waktu nénjo anu bégalan pati, Listayu mah kalah jejeritan. Tuda saumurna, karék harita nyaksian anu siliarah nyawa. Geuning sakitu paurna. Komo barang geus nénjo
Getih-ulaweran mah. Geus kajudi, musuh anu kabur téh bakal bébéja ka batur-baturha. Anu matak, buru-buru maranéhna ngejat deui ti dinya. Malah Mamang Jalaprang mah teu kaburu-buru acan ngumbah leungeunna anu lamokot ku getih musuhna. Sajajalan, Listayu gawéna ngan bibirigidig an. Salila asruk-asrukan téh éstu taya pisan waktu pikeun reureuh, ari lain ukur sakedapan mah. Enya, reureuh ukur pikeun ngambekan anu matak rada longsong kana dada. Karék ayeuna bisa enya-enya reureuh panjang téh, duméh geus maju ka peuting, da pamohalan lamun terus lumaku mah. Peuting beuki jempling. Seuneu durukan ogé geus ngaleutikan sorangan. Najan kitu, pitunduheun teu waé daékeun datang. Listayu diuk dina taneuh bari nyarandé kana tonggong Si Ibi anu keur jongjon ngusapan adina. Budak téh geus saré tibra, najan ukur disimbutan ku karémbong ogé. Saenyana dina jero dada Listayu asa loba picaritaeun, tapi teuing ti lebah mana kudu mimiti ngabijilanana. Jigana pangasuhna ogé moal bina ti manéhna. Durukan masih kénéh ngelun, itung-itung keur muput reungit. Hawar-hawar masih kénéh kapireng séahna caah di béh landeuh. Untungna téh teu hujan, najan langit teu katémbong cangra ogé. Da mun téa mah harita dikersakeun hujan, geus tangtu saréréa bakal mucicid katirisan. "Geus kulem, Endén." "Geuning Ibi gé acan." "Asa tararebih pitunduheun ieu téh." "Atuh sarua wé jeung kami. Boro-boro bisa saré, pikiran keur sakieu marungkawutna." "Ulah diémutan teuing, Endén, da moal réngsé ku kitu. Urang téh pan ngajalankeun tarékah eukeur. Ayeuna mah kantun neneda ka Nu Nwayuga, mugi-mugi aya berekah kasalametan. Barina ogé ulah hantem-hanteman dianggé alit manah, apan Mamang sareng Ibi masih kénéh nyarengan," omong Si Mamang. Listayu teu nyarita. "Ayeuna mah geura reureuhkeun," omong Mamang Jalaprang deui. "Ngarah énjing jagjag deui. Da panjang kénéh lalakon téh." Enya, kahayang mah ayeuna téh bisa reureuh, komo lamun tepi bisa ngageubra. Tapi, éta heuay anu kacida diarep-arepna téh lebeng teu daékeun datang. ***