watch sexy videos at nza-vids!
edit

<<<

ISUKNA, najan srangéngé tacan meleték, maranéhna geus neruskeun deui lalampahan. Geus mimiti karasa lungsé, bubuhan sapeupeuting nyileuk waé. Panon pareurih, sirah enyud-enyudan. Tapi da kudu nyingkah téa, Listayu leumpang nuturkeun pangasuhna, nété akar ngeumbing jangkar.
Lumakuna teu kaur laju, da meusmeus ngarandeg, meusmeus ngarandeg. Uyuhan tuda, bet iraha teuing Listbyu ngalaman aprak-aprakan. Tuda sapopoèna ukur ngaluis. Leuheung kènèh adina nu sok rajeun lampar ulinna. Keur mah budak lalaki,, katurug-turug sok dibawa balantrak ku pangasuhna.
Salila ngalèngkah tèh taya anu cacarita. Listayu geus teu hayangeun deui tatanya. Rèk dibbw ka mana, rèk dibawa ka mana, kumaha karep Si Mamang.
Najan geus aprak-aprakan ogè, maranèhna angger teu manggihan pameuntasan. Sakitu geus nuju ka girang, cai walungan tèh angger waè rosa. Jigana peuting tadi tèh di bèh girang mbh aya hujan deui, da buktina cai walungan henteu ngorotan-ngorotan.
Sabot keur alak-ilik ka sisi walungan, teu kanyahoan ti mana waè datangna, ka lebah maranèhna jul-jol perjurit anu samakta pakarangna. Puguh waé, Mamang Jalaprang kacida ngajenghokna. Nyaho-nyaho musuh geus ngepung aya welasna.
Si Mamang rikat nyekel badi.
"Montong ngalawan, cumah!"salasaurang ti anu ngepung ngagorowok.
Listayu muntang tipepereket kana leungeun pangasuhna anu sarua pada-pada baluas.
Mamang Jalaprang mundur dua-tilu lèngkah, maksudna ngarah teu anggang ti barudak asuhanana. Atuh anu ngepung ogè mimiti rada ngangseg.
Aya dua pilihan anu geus nampeu hareupeunana. Maju pikeun narajang musuh anu jumlahna jauh leuwih loba, atawa serah bongkokan jadi babandan. Mun milih anu kahiji, ècès pisan yèn rèsiko paéh tèh leuwih nampeu. Malah teu mustahil barudak asuhanana ogè bakal ngemasi pati. Heup waè lalakon tèh ngan semet dinya. Lamun nyokot pilihan kadua, harepan hirup masih kènèh aya, utamana keur barudak asuhanana. Da ari manèhna sorangan mah geus dipastikeun, moal jauh ti hukum pati anu baris tumiba tèh. Sugan waè atuh budak anu dua mah dibèrè kènèh panjang umur, najan bakal hirup sarua sagulung-sagalang jeung musuh ogé.
"Geura alungkeun pakarang silaing ka lebah kami!"salaraurang ti anu ngepung ngagorowok deui, jigana mah kekentongna.
Mamang Jalaprang ngarérét ka Listayu, maksudna mah rék ménta pamanggih, naha kudu kumaha? Tapi anu dirérétna ogé kalah katénjo geus ngayekyek. Boro-boro bisaeun nyoara, méré isarah kudu kumaha, kudu kumaha ogé geus teu werateun.
"Buru balangkeun ka dieu! Ku kami diitung tepi ka tilu. Hiji! Dua! Ti ..."
"Mamang ...!"Listayu nyoara semu kapengkek.
"Kumaha, Endén, gugu waé sapaméntana?"Mamang Jalaprang ngaharéwos bari neger-neger manéh.
Listayu unggeuk lalaunan. Unggeuk anu kacida beuratna.
Asa dina pangimpian anu karandapan ku Mamang Jalaprang téh, waktu manéhna ngabalangkeun badi ka lebah suku musuh. Kosong. Ngoléang.
Geus kitu mah anu ngarepung téh nyalampeurkeun. Si Mamang gancang dibanda. Rét, re, pageuh pisan. Salila kitu téh musuh taya anu cacarita. Ngan basa rék mimiti jung, gdgddugna nanya:"Ari budak anu dua ieu, saha?"
"Anak kami,"ténbal Si Mamang.
"Bohong! Geuning jeung silaing teu sabeungeut saeutik-eutik acan. Pok béjakeun, anak saha?"
"Anak kami,"témbalna deui.
Gampleng dicabok satakerna, tepi ka ngabangkieung.
"Mamang ..."Emung ngajerit bari ngagabrug ka anu keur ugal-ugil. Rada héséeun rék hudang deui téh, sabab leungeunna dibanda.
"Tuh geuning, nyebutna oge mamang. Piraku ka bapa sorangan nyebut kitu,"omong gegedugna deui, terus nyampeurkeun Emung nu masih keneh pageuh nangkeup Si Mamang.
Budak teh nyempod tukangeun pangasuhna bari semu ngadegdeg.
"Kasep, tong sieun, da moal dikukumaha ieuh,"nyaritana leuleuy.
"Ari nu kasp téh putra saha?"
Boro-boro nembalan, kalah beuki nyempod.
"Saha namina rama teh?"nanya deui, leuwih leuleuy batan bieu.
"Senapati Suranangga ....."tembal budak teh pondok.
tembal budak teh pondok.
"Suranangga? Anak Suranangga geuning, euy! Wah, hebat! Isuk keneh urang geus mucekil,"
pokna ka batur-baturna."Ari itu, saha?"bari nunjuk ka Listayu.
"Aceuk ....,"tembalna deui.

Geus kanyahoan kitu mah, Mamang Jalaprang ukur bisa tumamprak ka Nu Kawasa. Ayeuna geus euweuh deui anu bisa disimbutan, da geus nalalembrak. Satadina mah, sugan wae anak dununganana teu waka kanyahoan saha-sahana. Ari ayeuna, kapan bieu geus dieceskeun. kangaranan budak tea, hese rek dibawa bohong. Ku geus kanyahoan saha-sahana, tangtu bakal leuwih goreng balukarna. Apan dununganana teh kaasup kekentong Ukur anu kacida diarah-arahna, sanggeusna Kangjeng Dipati. Tuda moal aya nu bireuk deui, kaasup keur urang wetan, saha sabenerna ari Suranangga; senapati kapetengan Ukur anu kacida satia jeung bumelana ka Kangjeng Dipati.
Sanggeus hasil nyerek udaganana mah, perjurit teh gagancangan arindit deui, malikan jalan urut bieu.
Sajeroning leumpang, Listayu ngarasa awakna ngoleang. Pangacianana mah sakapeung teuing aya di mendi. Adina ngiciprit ti tukang bari pageuh muntang kana leungeun pangasuhna anu ditalikung ku dadung sagede indung suku kolot.
"Gancang leumpangna, bisi kaburu panas manten!"
Tapi, da digancang-gancang oge leumpang anu dibanda bari dipontelan budak, anggeur wae teu bis rusuh. Komo lebah anu rumpil mah.
"Gandong atuh budakna ku silaing!"ceuk kekentong perjurit ka anak buahna.
Tapi budak teh keukeuh mugen, teu daekeun leupas ti pangasuhna. Tungtungna mah kerewek wae dicekel cangkengna, terus dipanggul. Budak teh koknceakan hayangeun lesot.
"Ecagkeun atuh, ulah dipaksa kitu!"ceuk Listayu.
Teu digugu. Batan dilesotkeun mah budak teh kalah beuki sina naplok kana taktakna. Komo deui ayeuna mah anu kudu disorang teh lebah biwir walungan anu sakitu gurawesna.
Pamungkas haben teterejelan. Tapi, sarosana oge tanaga budak, moal ngimbangan bedasna kolnt. Ahirna mah manehna cicing sorangan.
"Tah kitu, ulah ajol-ajolan wae, da ku kami oge moal dinanaon ieuh,"omong anu manggulna.
Pamungkas ngareret ka lebah gagang keris anu nogel dina cangkeng perjurit anu manggulna. Bet kabeneran kadongkangeun ku leungeunna. Teu mangmang teu asa-asa, keris teh ku manehna gancang dicabut. Gabres ditojnskeun kana lebah kekemplongan anu manggulna.
Atuh puguh, ngoceakna oge mani tarik pisan. Gejret budak teh dibeubeutkeun. Menang sajongjongan mah sarerea oge ngarasa hookeun, dumeh eta kajadian sama sakali di luar panyang maranehna.
Ngan beretek wae bvdak teh lumpat, ngajauhan rombongan.
"Kurang ajar! Buru tewak!"
Geus kitu mah kakara sarerea engeuh kana kajadian anu sabenerna. Teu talangke, tilu perjurit gancang ngudag. Atuh budak teh beuki tarik lumpatna.
"Raden .....! Raden ......!"Mamang Jalaprang oge milu ngudag.
Listayu jeung Si Ibi sarua tingjerewet ngageroan. Babakuna mah bisi kumaha onam.
Teu hese, budak leutik dikepung ku tiluan. Teu kungsi lila oge geus kacerek deui. Durugdug budak teh digusur. Gampleng ditampiling ku anu sejen.
Puguh wae amarah Mamang Jalaprang ujug-ujug mudugdug. Teu mikeun anak dununganana ditandasa deungeun. Najan bari jeung dibanda, manehna gancang narajang. Hek! Tuurna asup kana lebah tarangbaga musuhna. Anu saurang deui rikat malik, sarta terus narajang.
Da puguh teu pati bisaeun meta, ahirna Mamang Jalaprang ripuh. Gebru nyusruk kana taneuh.
Sabot nenjokeun anu jogol, sarerea taya anu merhatikeun budak. Belecet deui Pamungkas lumpat ngajauhan. Breng diberik ku limaan.
Budak teh geus teu nolih ka lanceukna anu gogorowokan. terus wae lumpat ka lebah gawir. Teuing bakat ku sieun ku perjurit nu ngaberikna, teuing lumpatna bakat ku lepas, ngan gujubar wae manehna ragrag ka walungan. Bubuhan cai keur sakitu rosana, budak teh langsung ngerelep, terus kabawa palid ka hilirkeun.
Meh bareng sarerea lupat ka sisi gawir. Budak teh ngan sajorelat katenjo, leungeunna. roroesan.
"Emung ...! Emung ...!"
Kerewek Listayu oge pada nyarekelan, bisi manehna tepi ka luas luncat ka walungan. Listayu disered ku duaan, terus dibawa ka anu rada jauh ti biwir jungkrang. Sajeroning kitu teh manehna teu eureun-eureun gogorowokan bari teterejelan.
"Geus wae antep budak mah, da moal kapuluk ieuh!"ceuk kekentongna.
Sarerea ngumpul deui. Si Ibi ngalungsar kapiuhan. Kitu deui Listayu oge ukur bisa midangdam bari sorana oge geus leslesan. Mamang Jalaprang dicekelan ku tiluan. Biwirna jamomom urut bieu diteunggeulan ku gagang tumbak. Getih ngucur maseuhan bajuna. Najan kitu, sorot panonna mah masih keneh katenjo buringas.
"Sia anu jadi gara-garana mah!"ceuk kekentong perjurit bari gampleng-gampleng nampilingan. Geus kitu, gadona dicengkatkeun ku congo tumbak.
Ceprot! Mamang Jalaprang nyiduhan, meneran pisan kana pipi musuhna. Ciduh anu geus campur jeung getih lalambaran.
"Kurang ajar!"bari teu amtaparah kekentong perjurit teh ngagabreskeun congo tumbak kana angen Si Mamang.
Bres! Dadana katiruk tumbak. Manehna adug-adugan rek ngaleupaskeun nyawa. Teu lila kituna teh. Terus wae sirahna ngulahek. Bru ngalumbruk geus teu nyawaan.
"Balangkeun bangkena ka walungan!"
Regeyeng digotong ku tiluan. Gujubar dialungkeun. Lep, galeong palid ka hilirkeun.
"Hayu buru-buru indit deui!"
Anak buahna geus saged, kari sajungen.
"Budak awewe anu ieu bawa ku silaing, panggul!"bari nunjuk ka salasaurang perjuritna."Awewe anu itu bagian silaing!"bari nunjuk ka anu sejenna.
Regeyeng diparanggul, bring arindit.
"Manggulna sakali sewang jeung aing,"ceuk perjurit anu ukur kabagian keupat ka baturna anu dibere pancen manggul Listayu.
''Is ulah!''tèmbalna.''Mun arèk mah, tuh sakali sèwang jeung anu itu!''
~~~~~~~______~~~~~~~
Kuring